judulna mah keur diajar dasar-dasar kacapi tembang :) Januari 9, 2009
Posted by adhiawardana in Urang Sunda.3 comments
geus sababaraha waktu katukang, si kuring ngamimitian diajar kacapi tembang, rada hésé ogé geuning ngarubah téhnik ngacapi, nu biasa kana kacapi kawih ayeuna pindah ka tembang.
ah, ceuk batur téh, lain hésé meureun… kuring na wé nu bodo héhéhéhé
pokona mah kuring ngan hayang ngabagi naon nu geus diajarkeun ku guru kuring, kang Juli Kartawinata, ka kuring. kieu cenah pedaran ti anjeuna.
Kahiji mah apalkeun heula pola dasar nu jiga kieu:
pola Cacag
saterusna
pola Beulit
pola Golosor
pola Papageran
Pola Golosor deui
pola Gulung
Terus ari geus apal mah sakabéhna dihijikeun.
Anu warnana BEUREUM téh minangkana panangan Kenca—Anu warnana hideung téh panangan katuhu.
peun heula nya… ké urang teruskeun deui, sakalian jeung conto dina mp3 na.
Punten ah si kuring mah sok nyanyahoan….
Dokumentasi Kagiatan Januari 9, 2009
Posted by adhiawardana in Urang Sunda.add a comment
hapunten pisan dugi ka denget ieu si kuring can bisa waé publikasikeun hasil-hasil gempungan nu diayakeun di padépokan kudihyang, kusabab sasabaraha hal.
ka kang Bayu, hapunten nya kang teu acan tiasa nyumponan jangji. Insya Alloh minggu-minggu ieu kuring rék nganggeuskeun dokumentasi nu keur dipigawé.
tempat diajar kacapi? Désémber 19, 2008
Posted by adhiawardana in Urang Sunda.Tags: cianjuran, diajar, kacapi, tembang sunda
6 comments
Saha nu hoyong diajar kacapi?
ti baheula kuring resep kana seni sunda, boh ngadangukeun boh diajar jang maénkeun alat-alatna. Anu paling resep mah sim kuring téh maenkeun kacapi.
Ngan nya kitu téa.. masalahna ari hayang diajar kacapi mah hésé lamun kudu ngulik sorangan, nyontoan tina kaset atawa cd téh. jadi angger wé perlu aya ‘guru’ anu ngajarkeun, minimal dasar-dasarna, pami urang leukeun mah tangtu diteruskeun nepi ka mahirna.
Sabenerna mah loba ahli kacapi di kota Bandung téh, ngan sok hésé neang informasi dimana jang diajarna nu bener.
Dimana kuring bisa diajar maen kacapi di Bandung?
Kujalaran kitu komunitas kuring, kudihyang pajajaran, boga kahayang rék nga-fasilitasan saha-saha waé nu rek diajar kacapi, rék kacapi kawih atawa jang tembang sunda cianjuran.
ari tempatna mah di padépokan kudihyang, di cigadung, mung waktosna mah nyanggakeun wé ka nu badé diajarna.
Nu rék ngajarna tangtu lain jalma nu kakarak diajar kacapi, tapi ku ahlina nyaéta kang GANGAN GARMANA saparakanca téa.
sok ah, ka wargi nu hoyong diajar diantos kontakna ka kuring.
ngariung yu!? urang ngobrolkeun pakarang pusaka sunda Désémber 12, 2008
Posted by adhiawardana in Urang Sunda.5 comments
lamun teu aya halangan, poé saptu minggu hareup tanggal 20 Desember 2008, di padepokan kudihyang pajajaran rék kadatangan sababaraha tamu nu boga kaahlian jeung pangalaman kana ngulik pakarang pusaka urang sunda, nyaéta kang Tédi Permadi, kang Budi Dalton, kang Aries (dosén itenas), kang Joe, kang Gungun, sareng nu sanésna.
nu bakal di gunemkeun moal tebih ti cariosan pakarang sunda téa.
pokonamah bakalan nambahan élmu jang urang, jeung deui jang nambahan baraya urang sunda
mangga ah, dihaturanan.
— sim kuring boga kénéh hutang yeuh, Insya Alloh moal lila deui kuring rék nampilkeun naon nu geus diguar dina 3 bulan katukang, nyaéta Naskah Sunda Kuno, Aksara Sunda, Tembang Sunda Cianjuran, sareng Maenpo.—
ᮊᮥᮓᮤᮠ᮪ᮚᮀ ᮕᮏᮏᮛᮔ᮪ ᮙᮤᮀᮌᮥ ᮃᮚᮩᮔ Nopémber 18, 2008
Posted by adhiawardana in Urang Sunda.1 comment so far
ᮜᮙᮥᮔ᮪ ᮒᮩ ᮃᮚ ᮠᮜᮍᮔ᮪, ᮞᮘ᮪ᮒᮥ ᮃᮚᮩᮔ ᮓᮤ ᮕᮓᮦᮕᮧᮊᮔ᮪ ᮊᮥᮓᮤᮠ᮪ᮚᮀ ᮕᮏᮏᮛᮔ᮪ ᮘᮛᮤᮞ᮪ ᮍᮥᮜᮙ᮪ ᮒᮧᮊᮧᮠ᮪ ᮎᮤᮃᮔ᮪ᮏᮥᮛᮔ᮪ ᮔᮥ ᮌᮩᮞ᮪ ᮙᮧᮃᮜ᮪ ᮘᮤᮛᮩᮊ᮪ ᮓᮩᮄ, ᮑᮈᮒ ᮊᮀ ᮌᮔ᮪ᮌᮔ᮪ ᮌᮛ᮪ᮙᮔ, ᮕ ᮄᮚᮥᮞ᮪ ᮝᮤᮛᮓᮤᮛᮦᮏ, ᮘᮥ ᮉᮄᮞ᮪ ᮊᮧᮙᮛᮤᮃᮂ ᮏᮩᮀ ᮜᮧᮘ ᮓᮩᮄ.
ᮘᮤᮜᮤᮠ᮪ ᮕᮛ ᮝᮛ᮪ᮌᮤ ᮃᮚ ᮙᮤᮔᮒ᮪ ᮊᮔ ᮘᮠᮞᮔ᮪ ᮒᮨᮙ᮪ᮘᮀ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮎᮤᮃᮔ᮪ᮏᮥᮛᮔ᮪ ᮓᮤᮠᮒᮥᮛᮔᮔ᮪, ᮍᮝᮤᮒᮔ᮪ ᮒᮘᮥᮠ᮪ |᮱᮳| ᮓᮤ ᮎᮤᮌᮓᮥᮀ ᮞᮨᮜᮒᮔ᮪ ᮠᮤᮏᮤ ᮔᮧᮙᮨᮛ᮪ |᮲᮲| ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ.
ᮃᮒᮔᮕᮤ ᮊᮧᮔ᮪ᮒᮊ᮪ ᮞᮤᮙ᮪ ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮓᮤ |᮰᮲᮲᮷᮰᮱᮴᮵᮶᮷᮹|
ᮎᮌ᮪
teu tiasa maca postingan dihandap? Nopémber 4, 2008
Posted by adhiawardana in Urang Sunda.add a comment
ulah heran..
kumargi aksara sunda teh masih keneh teras dikembangkeun, seratan dihandap teh mung tiasa dibaca dina aksara sunda upami di komputerna parantos di installkeun font sunda tea
sok ah urang dukung babarengan, kumaha carana sangkan aksara sunda bisa jadi aksara nu universal, jiga aksara arab atawa kanji.
cag heula nya . . .