Sinom-Wirangrong-Ladrang Méi 14, 2008
Posted by adhiawardana in pupuh.1 comment so far
Sinom
(pupuh ka lima belas – laras madenda)
Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang
Harta pada nareangan
Harti pada narabahan
Harta harti sarwa guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita-cita
Harta harti song mangpaat
Dapon diraksa taliti
Wirangrong
(pupuh ka genep belas)
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara
He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga dibela
Ladrang
(pupuh ka tujuh belas)
Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah
Coba teguh masing telik
Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana
Pangkur – Pucung Méi 14, 2008
Posted by adhiawardana in pupuh.add a comment
Pangkur
(pupuh ka tilu belas – laras salendro)
Seja nyaba ngalalana
Ngitung lembur ngajajah milangan kori
henteu puguh nu dijugjug
Balik paman sadaya
nu timana tiluan semu rarusuh
Lurah begal ngawalonan
aing ngaran jayapati
Euleuh itu budak gembul
Awak gembru bayuhyuh gawena kedul
ukur heuay jeung nundutan
Ka sakola unggal poe kabeurangan
Hey barudak tong nurutan
Kanu gembul kokomoan
bisi kedul jeung ogoan
awal akhir katempuhan
Pucung
(pupuh ka opat belas – laras salendro)
Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jaralang belang buntutna
Hayu batur urang diajar cing suhud
Ulah lalawora bisi engke henteu naek
Batur seuri urang sumegruk nalangsa
Maskumambang – Mijil Méi 14, 2008
Posted by adhiawardana in pupuh.add a comment
Maskumambang
(pupuh ka sawelas – laras madenda)
He manusa mana kaniaya teuing
Teu aya rasa-ras an
Kawula make disumpit
Naha naon dosa kula
Naha abong-abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun beurang peuting
Dirangket taya ras-rasan
MIJIL
(pupuh ka dua belas – laras pelog)
Mesat ngapung putra sang arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak lirik ningali ka bumi
Milari sang rai pangeran bimanyu
Aduh gusti nu kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh kasepuh wantun nundung
Lambang – Magatru Méi 14, 2008
Posted by adhiawardana in pupuh.add a comment
Lambang
(pupuh ka salapan – laras salendro)
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Da teu halal
Magatru
(pupuh ka sapuluh – laras madenda)
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong
Sukuna pakepit tilu
Panonna opat harerang
Leumpangna semu nu lesu
Ngalengkah teu bisa gancang
Jurudemung – Kinanti Méi 14, 2008
Posted by adhiawardana in pupuh.add a comment
Jurudemung
(pupuh ka tujuh – laras pelog)
Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Geus pinasti
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung
Mungguh hirup di alam dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti bakal panggih
Suka bungah jeung kasedih
Dua rupa nu tumiba
Sakabeh jalma di dunya
Senang patumbu jeung bingung
Eta geus tangtu kasorang
Kinanti
(pupuh ka dalapan – laras salendro)
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon wae nu kapanggih
Ari beurang ngagarantung
Pinuh dina dahan kai
Disarada patembalan
Nukitu naon ngaranna
Gambuh – Gurisa Méi 14, 2008
Posted by adhiawardana in pupuh.add a comment
Gambuh
(pupuh ka lima – laras pelog)
Ngahuleng banget bingung
Heunteu terang kamana nya indit
Turug-turug harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun, aya meong
Hulang-huleng, hulang-huleng
Ngahuleng ngaraga meneng
Hate ratug, tutunggulan
Heunteu terang, kaler-kidul
Turug-turug, turug-turug
Harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun aya meong
Gurisa
(pupuh ka genep – laras salendro)
Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang
Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang