jump to navigation

Kudihyang Pajajaran Oktober 22, 2008

Posted by adhiawardana in Urang Sunda.
trackback

Geus sawatara waktu ka tukang, kuring ngilu riungan jeung sababaraha urang nonoman sunda nu masih keneh boga kareueus kana budayana.
asalnamah dina riungan eta teh can puguh rek jadi naon kahareupna, nu puguh mah tujuanna sarua, hayang nanjeurkeun deui budaya sunda jang balararea.

nu jadi simbol pangiket teh nyaeta kujang.

ari kujang teh panjang pisan sajarahna, jeung caritana ge moal cukup ku dibedah di hiji tulisan… intina wae, riungan teh di bere ngaran Kudi Hyang Pajajaran, nyaeta kecap dasar tina kujang tea.

jang nyaluyukeun kana pamaksudan diluhur, komunitas kudihyang pajajaran nu nempatan padepokan di alamat kuring, ngayakeun forum gempungan unggal dua mingguan, nu materi na mah rupa-rupa jeung di selang-seling antara gempungan diskusi umum, sareng diskusi khusus.

samentawis ayeuna kieu agenda diskusi umum teh:
- saptu 25 oktober 08 : ngabedah wawanohan aksara Sunda
- saptu minggu ka opat november : ngabedah Kasenian jeung budaya Sunda (jenis na ke di umumkeun deui)
- saptu minggu ka dua desember: ngabedah pakarang pusaka sunda
- saptu minggu kaopat januari 09 : ngabedah kaulinan budak

diselangan unggal minggu kaduana: ngabahas sunda aktual.

bilih aya baraya nu kaleresan aya di bandung, atanapi anu panasaran kana masalah nu rek dibahas, dihaturanan nyumpingan acara ieu.. samentawis mah kontak we heula ka sim kuring.

diantos.

Pairan»

1. LieZMaya - Désémber 1, 2008

Duh kabita hoyong ngiringan heuheu
iraha atuh irahanya, terbuka kangge umum pan kang?