jump to navigation

Ngeunaan Aksara Sunda Oktober 27, 2008

Posted by adhiawardana in Urang Sunda.
trackback

poe saptu kamari, sakumaha direncanakeun saacanna, rengrengan kudihyang pajajaran janten ngayakeun diskusi ngeunaan aksara sunda.
nu aya dina pikiran teh rek diajar maca jeung nulis dina aksara sunda hungkul, sihoreng teh jauh leuwih tikitu.

ngobrol mimiti mah ngalor-ngidul, ngobrolkeun pakarang kujang jeung sajabana, mimiti geus sholat ashar kakarak ngobrol teh jadi leuwih serius. nu jadi nara sumber utamana nyaeta kang undang harsa, anjeuna boga karesep dina maluruh naskah-naskah kuno nu ditulis make aksara sunda. panjang pisan bahasan teh, nepi tilu jam ge teu karasa bakating ku ramena. ke ah naon materi na mah, ku kuring rek ditulis lengkep lamun elmuna geus nepi… ayeuna mah ngadongeng singketna we heula :)

ba’da magrib kakarak asup kana bahasan aksara sunda. nu sabenerna mah aksara sunda nu dibahas didieu teh lain kumaha carana nulis atawa maca dina aksara sunda, tapi ngadongengkeun kumaha caritana nepi ka aksara sunda teh asup dina unicode internasional. tah nu apal pisan kana masalah ieu teh kang dadan sutisna.

peun heula ah.. da can beres diajarna ge. ke we lamun geus bener kuring paham jeung apal kana materina didieu urang dongengkeun deui.

ayeuna mah kieu, bilih aya nu peryogi nganggo Aksara Sunda di komputer, mangga tiasa di unduh didieu.

sok pami aya patarosan mah, sugan kuring bisa ngabantuan.

cag ah..

Pairan»

No comments yet — be the first.