jump to navigation

cara masang (install) font aksara sunda Oktober 28, 2008

Posted by adhiawardana in Urang Sunda.
trackback

file Aksara Sunda nu kamari teh yasana kang Dian Tresna Nugraha sareng kang Dadan Sutisna, mun file nu kamari geus di download, terus di ekstrak.. terus mimiti mah kopikeun file di folder FONT nu eusina 2 font (.ttf) ka direktori windows (biasana mah di c:/windows/fonts/

geus kitu dina folder Papan Tombol, jalankeun program SundaKb1_i386.msi ieu teh program jang masang papan tombol di windows.

hiji deui, dihandap ieu kuring nyobaan ngasupkeun aksara sunda dina gambar keyboard. aya dua gambar, nu kahiji gambar posisi normal, nu kadua gambar make SHIFT.
Sugan kapake.

Aksara Sunda diterepkeun dina keyboard

Aksara Sunda diterepkeun dina keyboard

ieu gambar dijieun jang ngabantuan make aksara sunda di komputer

Pairan»

1. Ruswandi Yusuf - Nopémber 1, 2008

abdi tertarik kana font sunda,kumaha cara downloadna?

2. adhiawardana - Nopémber 1, 2008
3. chungkring - Nopémber 13, 2008

nuhun kang..

4. adhiawardana - Nopémber 13, 2008

sami-sami kang..

da ieu mah kanggo sebarkeuneun kamamana :)

TANJEUR KI SUNDA!!

5. Ardi - Januari 24, 2009

Sing seueur we ngabahas budaya sunda,ulah dugi ka ical budaya sunda teh. Ulah eleh ku budaya asing…

6. lukman - Méi 23, 2009

mangga urang cobian hela kang

7. handi - Méi 27, 2009

kang punten bade tumaros naha upami bade nyerat kecap garing malah jadi garang soalna dina hurup ‘r’ na teu tiasa ditambah ku 2 simbol nunuturkeun simbol -i jeung -ng.
kedah kumha tah?

8. perceka - Agustus 24, 2009

kang, aya font Sunda weuteuh yeuh…longok we blog kuring.

9. zady - Oktober 20, 2009

mun hayang masang eta applikasi kumaha ,jeung di mana bisa ngadowloadna?
lain uar-uar hungkul tapi teu nyaho kudu kamana mun hayang eta unicod teh?