jump to navigation

nyobian posting dina aksara sunda Nopémber 4, 2008

Posted by adhiawardana in Urang Sunda.
trackback

ab;di UrN sun;d

ay]n kpn;[cnn; tugs; di ngri gunuN jti

ab;di UrN sun;d

nh t] m]nN resep; kn budyn?

Pairan»

1. Dian Nugraha - Nopémber 4, 2008

rupina seratan akang di luhur henteu nganggo anu versi unicode-na nya.

kabacana: “ab;di UrN sun;d

ay]n kpn;[cnn; tugs; di ngri gunuN jti

ab;di UrN sun;d

nh t] m]nN resep; kn budyn?”

Saupami diketik nganggo unicode, bakal kieu:
ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮅᮛᮀ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ
ᮃᮚᮩᮔ ᮊᮕᮔ᮪ᮎᮦᮔᮔ᮪ ᮒᮥᮌᮞ᮪ ᮓᮤ ᮔᮌᮛᮤ ᮌᮥᮔᮥᮀ ᮏᮒᮤ
ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮅᮛᮀ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ
ᮔᮠ ᮒᮩ ᮙᮩᮔᮀ ᮛᮨᮞᮨᮕ᮪ ᮊᮔ ᮘᮥᮓᮚᮔ?

2. adhiawardana - Nopémber 5, 2008

raraosan teh parantos nganggo unicode kang… manawi gaduh trikna supados tiasa kaluar?

parantos tataros ka kang dadan, saurna memang kedah di installkeun heula font na di komputer?

punten ah, abdi nyanyahoanan:)

3. Abah Sunda - Nopémber 5, 2008

muhun geuning cep.. anu diketik ku cep dian oge katingalna di komputer abah mah kotak-kotak we…

sok ah kumaha sangkan bisa dipakena universal.

4. irfan - Nopémber 8, 2008

ih, kumaha ieu teh kotak-kotak wae aksara sunda na…

5. Dian Nugraha - Nopémber 15, 2008

Kanggo ngetik Unicode dina Windows, cobi unduh gembolan Aksara Sunda Unicode ti web kang Dadan
http://daluang.com/gembolan-paket-unicode-aksara-sunda-v100/

Teras install font SundaneseUnicode..ttf, sareng kibor SundaKb1

6. dé Nasrul - Nopémber 15, 2008

Sampurasun,
Punten ah, tumut kana pituduh Kang Dian, abdi nuju ngunjal gembolanana ti situs Kang Dadan. Mamanawian ka payuna tiasa dilarapkeun kana wordpress.com. Sumuhun, meungpeung basa Sunda wordpress masih keneh was-wis-wes. Ah, sanes ngimpen, da ieu mah paneja. Tapi…
Ke deui ah tapina mah. Nuhun!
Baktos,
de Nasrul.com

7. dé Nasrul - Nopémber 17, 2008

Hehe.. abdi uih deui ka dieu. Duh rada baringung keneh nganggo Unicode. Tambi henteu, abdi nyobian nganggo fonta pelakan dina ieu kaca. Nebeng sareng leres kituh aksara Sundana?
Beu, wordpress.com kaburu disetelan basa Sunda…