sim kuring
urang sunda, nu ngalalana di tatar sorangan, tatar sunda.
sunda cirebon-sunda bandung-sunda dimamana.
reueus kana budaya titinggal karuhun..
lain jang ageman,
lain jang pupujan,
jang diajar tina kaarifan
ukur ngamumule
nu geus kudu dimumule.

emang euweuh photo deui anu alus duy?..heauhueha
ke punten bilih lepat sangki. simkuring nembean kalayan kaleresan teu kahaja muka ieu situs, dupi ieuteh kang yuda anu di telkom cirebon anu kawitna ti SWS STT TELKOM sanes? bilih leres simkuring pun TATANG GALUH (sunda ngumbara-tea) ti palih jogja.
Ngiring ngarewong. Abdi mah kataji ku banner ieu blog, mani asa enya we nuju aya di jero leuweung geledegan.Salam kenal Kang Adhuy.
Asa nyawang ka mangsa tukang, waktos angin ngahiliwir niup tower nu ngarajul ka langit.
Di hiji bangunan, aya sakumpulan barudak nu keur hahariringan metik gitar jeung nakolan tam-tam, aya oge nu joged jeung ting careukekeuk silih gonjakan…
Duuuh hawa dayeuh kolot.. hawa SWS.. Hawa student centre ….
Salam
Dindin
Assalamu’alaikum,
Salam ka baraya sadayana, sim kuring anu ayeuna nuju sono pisan kana alam parahyangan ti laen nagara mani asa wararaas ngalamunkeun mangsa katukang di lmagh cai kuring di lembur kacinta. Mani asa hayang balik deui ka mangsa katukang, tapi da moal mungkin, nya mudah2an eta carita hirup teh tetep hirup ngaburinyai dina jero ati kuring. Salam ka sadaya urang sunda, peupeujeuh pertahankeun kabudayaan tatar sunda urang sadayana.
Wassalam,
Eneng
punten, ngiring ngalangkung kang…. reugreug seueur baraya yeuh… amengan ka abdi atuh..
punten , ngiring bingah ah seueur geuning ayeuna mah nu nyerat sunda blog teh, etang etang diajar deui ketang. Nepangkeun abdi kang ti kota hujan tea , mangga dilajeng keun
punteun ngiringan manawi sing jadi ubar rasa katineung simkuring ka lembur anu bakal jadi pangbalikan simkuring… budaya sunda budaya urang sadaya mudah-mudahan teu kalindih ku budaya luar urang mah urang sunda nu kudu leuwih arif ngamumule sunda…
hatur nuhun ah bade neraskeun damel ieu teh
wassalam kasadayana
Salam kenal..tis sikuring yeuh..wilujeng wayah kieu wae
Assalamu’alaikum,
nepangkeun ti palih kidul bade ngajak botram hehe
nyungkeun widi kanggo masang link blog salira, Nuhun ah
nepangkeun kang abdi i ti palih wetan ,hoyong seueur rencang di internet hayu urang mumule budaya sunda kang bilih bade ngobrol sareng abdi tiasa via YM prabu_siliwangi52
epangkeun kang abdi i ti palih wetan ,hoyong seueur rerencangan di internet hayu urang mumule budaya sunda kang bilih bade ngobrol sareng abdi tiasa via YM prabu_siliwangi52
nepangkeun nami abdi jurig
ngiringan atuh…nepangkeun nami abdi maya….mojang ti tasik. nuju panen naon akang teh? he…
bade ngiringan nepangkeun, nami abdi luky jajaka ti bandung tea, wilujeung boboran siam,maksad namah abdi teh hoyong seueur rerencangan di interet, mugi-mugi wae abdi kengeng ngagabung di iyeu web tea.
bade ngiringan nepangkeun, nami abdi firmansyah wilujeung boboran siam kasadayan komunitas urang sunda
lho iki kok aku ora ngerti bosone,
opo yok aku wong jogja ora entuk melu iki blog?
neng ojo nesu. podo podo wong indonesia
“peace”…hehehe
Nepangkeun nami abdi Indri..asli ti Kampung Biru, putrana bapak Ended Rusmana-Alm..ayeuna calik di Bogor atos 4 tahun..maca Kampung Biru janteun emut, da anu dicarioskeun sareng di dongengkeun ge sami kaalaman ku abdi nuju alit..malihan mah rayi aki anu di sebat pak Ustad teh apan guru ngaos abdi tiaalit…janteun pabasaran sareng Adiawardana..ayeuna linggih dimana, sigana urang saderek..apanan pak Ustad teh masih aya pancakaki ti uyut Mama Fadma…
Kaleureusan sim kuring aya rencana bade ngadamel bumi replika uyut di Kampung Biru tepatna di RT 6/04, da ari pun biang mah masih di Biru RT2 ayeuna oge..janteun kahoyong teh aya sejarahna Kampung Biru teh, komo deui sim kuring aski ti Biru lajeung wargi ge uwa, bibi, emang ayeuna masih jumeneng keneh..osok lebar wae amun generasi saterusna teu apal ka kampung Biru teh…ayeuna wae katelahna Cisitu Indah VI di KTP dan alim disebat ti Kampung Biru, kampungan cenah…nyeta naha sim kuring hoyonh ngadamel eta bumi sapersis ,ungkin bumi uyut ngan aya balongna…ameh jadi contoh jeung pangemut bahwa sebagai orang Biru ulah poho kanu Sajarahna…amun sanes urang bade kusaha deui atuh…mangga di antos waleuranana…ayeuna sim kuring nuju ngempelkeun data2na bumi Baheula di Biru sapertos kumaha…rada sesah lantaran NaraSumberna teu seeur, paling akurat ieu ninggal foto2 zaman kapungkur sareng dongeng ti Sepuh…matak di antos kasadayana anu tareurang Kampung Biru, ameh eta bumi teh engkeuna jadi repleksi kampung Biru anu sabenerna, jeung jadi tempat kumpul jeung sumber informasi Kampung Biru kahoyong mah…seeur pisan anu bade didongengkeun…mangga di antos nya…Nuhun sateuacana.
Teh Iin Indri
Kumaha Daramang ……………….? Kasadayana
punteun ah ngiring nimbrung………………..
tos lami yeuh teu pepeundak sareung orang sunda
komo deui ngobrol pake Bahasa sunda , atuh karaos pisan ku sim kuring nu tos lami ninggalkeun kampung sorangan pindah ka kampung batur nu ngomongna bahasa cas ces cos( inggris )
teu kabayang sim kuring ninggal keun kota bandung / Indonesia tahun 1998
nepi ka kiwari,
Hayu ah urang mumule bahasa,budaya sareung tradisi urang sunda, ulah nepikeun ka kapangaruhan ku budaya nu sanes, saha deui atuh nu bade mumule budaya sunda ari sanes ku urang urangmah nu urang sunda.
Nya atuh mangga ku sim kuring di antos ah Emailna…………
Ieu email simkuring Binainfo@yahoo.co.uk bilih aya nu bade Duduluran mangga ku sim kuring di Antos………………..
atanapi ka http://Indoleeds.multiply.com
Kahaturan nuhun ah kasadayana………
Herna Hermawan
asw wr. wb
sampurasun……
salam wanoh ti urang bogor,…
simkuring gu2m hoyong ngiringan sareung di ajar basa sunda nu sae.. pan ayena mah di tatar sorangan ge geus jarang nu ngucapkeun bahasa sunda teh….
kang punteun nyuhunkeun informasi tentang organisasi kasundaan nu aya tatarsunda khususna nu aya di bogor ternuhun..
wasalam
tong era ngomong sunda………
Ass. Wr.Wb.
Sampurasun……..Aden bet asa wararaas pribados nalusuri blog ieu, nepangkeun pribados pituin urang sunda anu dijebrolkeun di desa Cikole lebeut ka lembang namung diageungkeun di kaki gunung burangrang nyaeta di desa Barukai namung nya kitu bae tos lami ngumbara di tanah seubrang namung teu acan lami kinteun – kinteun parantos kirang langkung kana 30 tahunan, Nya kitu bae sawios hirup sadidinteun ngaunakeun Bahasa Melayu, Minang kadang-kadang bahasa Batak sapotong-sapotong namung Alhamdulillah ari di rorompok mah bahasa anu di gunakeun teuteup bahasa karuhun nyaeta Bahasa Sunda boh sanaos barudak lahir di tanah sebrang komunikasi teuteu ngagunakeun bahasa sunda kaleureusan pun bojo ari aslina ti Cirebon nyaeta desa Jatiseeng Kacamatan Ciledug uninga panginteun den….?. mangga ah lajeungkeun.
Salam Baktos,
Dadang Tarman.
ya opo kabare ..
sampeyan sing jenenge yudha yo ? ..
saiki ngeblog ning kene cak ? keren lah
mas adhuy wingi ono futsal .. spontan karo arek2 kantor ..mung aku lali nelpon sampeyan , ngko ae’ ne ono futsal maning ta kabari sa derenge .. jak’en sisan bojomu dulin ning omahku ..
kanggo wong liyo sing mlebu ning kene ..salam kenal .. ; kanggo mas dodhie ganesha .. mas dindin stikes (?) ..karo mas-mas’e lan mbak-mbake ..sepurani ne’ bosoku ra apik..
bravo persib
ngiringan kang puguh sim kuring hoyong memperdalam ilmu sunda,sakanteunan bade tumaros ari sunda teh naon nya kang ?
punten seur tumaros
kang yudha….
baru berkunjung nih…
haduh2 gbs ngomen yang nyunda…paur…hehe
Ngiring tumalapung di dunia maya, milarian baraya-baraya urang anu tarebih.
hey baraya urang sunda, peupeujeuh jaga kisunda
hatur nuhun pisan baraya sadaya… hampura si kuring lain embung ngawaleran hiji-hiji komentarna, mung kawates ku waktu kuring online
sugan isuk jaganing geto bisa ditepungkeun di bandung, lain ngan saukur di alam maya.
bilih aya nu tertarik ngiring diskusi dua mingguan ngeunaan kasundaan di padepokan kudihyang pajajaran, diantos emailna ka kuring.
adhiawardana.
sampurasun
asa haneuteun…
teu deudeupeun aya keneh uarang sunda nu nyaring jeung teu cicing.
resep…
kapayuna dilengkepan sareng analisis palsapahna supados teu apal jeung resep hungkul tapi ngeusina….sapertos paribasa urang banten mah ngeusi, padahal geus bisa maca alam etamah kapan.
cag…
Perkenalkan nama saya Achmad Zacky Ambadar. Saya mahasiswa S2 di
Technische Universität München Jerman jurusan Transportation System
Salah satu mata kuliah di jurusan saya adalah Intercultural Aspect. Setiap mahasiswa diharuskan untuk menampilkan (presentasi) tentang kebudayaan masing-masing negara asal
Saya sebagai putra sunda (ibu Kuningan – bapak Banten) memiliki keinginan untuk memperkenalkan budaya sunda di hadapan peserta mata kuliah lain.
Oleh karena itu, melalui email ini, saya meminta izin bapak untuk menyarikan bahan tentang sunda dari website yang dimiliki bapak (http://adhuy.wordpress.com/) dengan mencatumkan nama serta alamat website bapak di dalam referensi saya
Saya mohon maaf tulisan ini dalam bahasa Indonesia. Karena keterbatasan saya dalam berkomunikasi bahasa Sunda
Sampurasun…
kumaha damang, lur..?
neda dihapunten asa geus lawas teu papendak,insya ALLOH upami aya waktos sim kuring ameung ka lebak…nguping wartos suarna bade aya ngariung deui..? sim kuring masih sok ngariung jeung barudak dirumentang siang bilih aya info anu tiasa didugikeun mangga sms atanapi email we ka sim kuring insya ALLOH engke didugikeun..
kumaha FOKALISMAS aya kabarna teu..?
karunya, ayeuna asa tiiseun pisan..arek dituluykeun moal ku barudak nu anom..?
jigana kudu diayakeun deui sawala keur barudak nu aranom ngarah semangat deui kawas baheula..
sakitu heula ti sim kuring,salam ka sadayana.
ajag29@yahoo.com
Cag!
Haturan kang Zacky.. sumangga teh teuing, upami aya nu tiasa dipulungan tina ieu seratan, mangga we dicandak.
malihan mah pami peryogi bahan nu sanes, tangtosna ge sanes kuring hungkul nu kersa mantuan teh, pastina para wargi nu sanes ge papada ngadukung keur ngenalkeun ki sunda di mancanagara.
kang Ajag, damang???
Riungan teh di rorompok unggal dinten saptu kang.. sok lah ku kuring di fasilitasi ngariung jeung rengrengan FOKALISMAS anyar teh.. sugan we caritaan “URANG SUNDA NGAHIJI – KASENIAN SUNDA HUDANG DEUI” teh bakalan nanjeur deui.
ka wargi nu sanes.. FOKALISMAS teh singketan ti Forum Komunikasi Lingkung Seni Mahasiswa Sunda… ke lah ku kuring di dongengkeun kumaha lalampahanna.
Cag..
akhh abdi ngiringian blog snda. sugan we lancar,!
Alhamdulillah tiasa sim kuring ngaraos bingah pisan tiasa mendakan Blog Dina Basa Sunda, etang-etang ngalancarkeun wireh basana tagtegtog kenehsim kuring mah, Nuhun ngiring bingah.
sampurasun…….ngiringan…
Sampurasuun….,
Sugan teh nya tiwu leuweung, singhoreng kabaya deui-kabaya keneh…, abong kuring keur malaweung, gening baraya deui-baraya keneh…, punten juragan, nembe teh ti tajong guprak teh ka buruan inya…, nya asa rup kusambut rap ku lampah asa mobok manggih gorowong…….,aya cukang komo meuntas…., ngiring ngadon na simpangan, mukaan barang sampeureun, ngalayah di tengah wayah, ropea ku salarea…mitemeyan mukaan pawon sugan aya rengkolna,aya nyampak baladaheun kango si kuring….ngajurung laku ti suku burangrang seja mipit tutungkusan sugan wae ka waris kunu haat nu euweuh buntut kasiran he…he.., ngalantur kang, hampuraeun. Ngiring bingah sapuk ah….ngiring prungna.
Sim Kuring tea
hampurasun lur
kumaha daramang wargi2 sunda sadayana,bade ngiringan ah mudah2an di tampi,simkuring komarudin ari kawit mah ti baros cianjur dupi ayeuna nuju milari jeujeur kahirupan di ibu kota,sok sanajan ngariung di dunia maya jeung wargi2 ti pasunada tapi alhamdulilah asa kaubaran,sakitu panginten perkenalan ti simkuring Rumaos Pribados Upami DiTaros Ceplas-Ceplos,
Upami Nyarios Sok Poporongos,
Upami Luas Leos Tara Wawartos.
Hapunten anu Kasuhun,
Hampura anu di teda,
boh BiLih aYa saur Nu teu ka ukuR,
cariTa anu pasiLia,
anu maTak kabeleutruk kana tu’uR,
NgabeuLeuTrang kaNa Tarang,
NyuhUngKeuN di HapuNteUn saMudaya kaleuPatan pRibaDos
PERMIOSSS…S..S..S..S.S.S..S……………………..
SampURAsun kasadaya Punten We abdi nGiRING nIMBRUNG AHHH ………..!!! mUGIA we aya kabagjaan sareng pitulung gusti kaurang sadaya, da Ieu mahhh ajang silaturomim urang sunda,,,,,,,,karaosss reueus na tiasa ngobrol ku bahasa karuhun urang sadaya ,,,da kedah di emutan “SA PRABU SA BALEGANDRUNG SA SUNDA SA SILIWANGI ” martabat na suatu bangsa di tingali tina Seni jeung Budayana,,,jantEn urang Teh Kedah ngaLASTARIKEUn Kabudayan sUNda supADOS tEU LEUNGIT JEUNG BInasA… sakitu We ahhh
sampurasun akang!
nepangkan abdi bayu ti ciegereleng, abdi hoyong tiasa ngabeluk dupi terang dimana tempat kanggo diajar beluk di kota bandung? hatur nuhun kang diantos waleranana ka e-mail abdi
hatur nuhun kang,,, sae pisan
sok lah kenalan sareng abdi di mayas_sundaya@ymail.com
nuhun
Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Nepangkeun abdi pun Umar, linggih di Rancaekek Kab. Bandung, jabung-tumalapung hoyong ngiring ngareuah-reuah sanes kanten anu diselenggarakeun ku urang sunda.
Bilih aya informasi naon bae kagiatan nu diayakeun ku saderek, abdi nyuhunkeun diwartosan ka alamat email sim abdi.
Hatur nuhun pisan.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.