Sunda Mekar Séptémber 6, 2006
Posted by adhiawardana in Lagu Sunda.4 comments
Cacandran para luluhur
ciri bumi dayeuh pancatengah
ciri dayeuh pancatengah
lemah duwurna, lebak lengkobna
tanah padataranana
Nagara wibawa mukti
perlambangna congkrang kujang papasangan
Yasana para Dewata
teu sulaya dinyatana
Pasundan tanahna subur
gemah ripah ma`mur loh jinawi
gemah ripah loh jinawi
gunung gunungna, cur cor caina
makplak pasawahanana
subur sugih pangebonna
karaharjan mencar mawur kajauhna
nagri nanjung panjang punjung
murah sandang murah pangan
Sunda surup kana tangtung
sunda sieup ninggang kana wanda
sieup ninggang kana wanda
adeg adegna, budi basana
teu nandakeun wawanenna
someah narima semah
matak betah anu ngadon bubuaran
tara ebreh pangartina
teu nembongkeun kabisana
ANGIN PEUTING Maret 1, 2006
Posted by adhiawardana in Lagu Sunda.3 comments
Angin peuting pang nepikeun salam kuring
ka panutan nutaya laratan nana
anu nyantel ayeuna ukur katresna
ayeuna panutan duka dimana
ka panutan nu kungsi nampana rasa
Angin peuting pang nepiken hariring kuring
katresna ngan ukur kembang tunggara
ukur potret salira baturna nalangsa
Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono teu weleh ngadodoho
Sanajan urang paanggang hate mah paanjang-anjang
Sanajan urang papisah ka gusti urang sumerah diri
Kieu nasibna kedah kieu takdirna
mawar bodas Pébruari 25, 2006
Posted by adhiawardana in Lagu Sunda.1 comment so far
mapay jalan satapak
ngajugjug ka hiji lembur
henteu karasa capena
sabab aya nu diteang…
hujan angin dor dar gelap henteu aya keur ngiuhan
sanajan awak rancucut teu paduli kajeun teuing
nu penting mah asal nepi ka tempat anu di tuju
rek ngalongok mawar bodas nu moal lila kaala
sugan tea moal gagal kembang
geus aya nu boga
balik teh asa ngoleang lempang ge asa ngalayang
teu kasawang ti anggalna
teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri hate hoream teu sudi teuing
mikiran pipanyakiteun… mikiran pipanyakiteun
kapaut imut Pébruari 15, 2006
Posted by adhiawardana in Lagu Sunda.add a comment
Nya didieu naha hate geus kapaut
Nu teu pira salirta nenggorkeun imut
Ngadak-ngadak jadi benten raraosan
Hate ratug cacakan tepang dadakan
Nya ayeuna kapentang panah asmara
Sorot soca sinar cinta tembus rasa
Gurilapna lir inten pinuh permata
Hate ngangkleung kabawa imut salira
Najan tepung harita ukur salangkung
Kapidangdung gandrung liwung ngalanglayung
Aduh… kieu rasana kagembang
Hayang neang.. hayang nganjang..
mustika kembang kamelang
horeng kieu rasana panyakit cinta
pajarkeun teh hese piubareunana
lamun cinta teu miara kana rasa
rasa endah nu taya bandingannana
Kembang Tanjung Panineungan Pébruari 13, 2006
Posted by adhiawardana in Lagu Sunda.5 comments
Anaking Jimat Awaking
Basa Ema Mulung Tanjung Rebun-rebun
Di Pakarangan Nu reumis Keneh
Harita Keur Kakandungan Ku Hidep
Geus Opat Taun Katukang
Ema Nyipta Mulung Bentang
Nu Marurag Peuting Tadi
Benteng Seungit Ditiiran
Pangangguran
Anaking Jimat Awaking
Basa Ema Mulung Tanjung Rebun-rebun
Bet Henteu Sangka Aya Nu Datang
Ti Gunung Rek Ngabejakeun Bapa Hidep
Nu Opat Poe Teu Mulang
Ngepung Gunung Pager Bitis
Cenah Tiwas Peuting Tadi
Layonna Keur Kadieukeun
Dipulangkeun
Harita Waktu Layonna Geus Datang
Ema Ceurik Ieuh … Balilihan
Ras Ka Hidep Ieuh Na Kandungan
Utun Inji Budak Yatim Deudeuh Teuing
Harita Waktu Layon Geus Digotong
Ema Inget Kana Tanjung
Dikalungkeun Na Pasaran
Kembang Asih Panganggeusan Ieuh… Ti duaan
Anaking Jimat Awaking
Lamun Ema Mulung Tanjung Reujeung Hidep
Kasuat-suat na Pipikiran
Tapina Kedalna Teh Kuhariring
Hariring Eling Ku Eling
Kana Tanjung Nu Dipulung Eh …
Kembang Tanjung Nu Nyeungitan Pakarangan
Nu Nyeungitan Hate Urang, Panineungan
Bulan Langlayangan Peuting / puspajala Pébruari 13, 2006
Posted by adhiawardana in Lagu Sunda.2 comments
Bulan Teh Langlayangan Peuting Enung
Nu Ditatar, Dipulut Ku Tali Gaib
Entong Salempang Mun Kuring Miang
Ti Tatar Ti Tatar Sunda
Dipulut Nya Balik Deui Ka Dieu
Ieuh … Masing Percaya
Bedil Geus Dipeloran
Granat Geus Disorendang
Ieu Kuring Arek Miang
Jeung Pasukan Siliwangi
Ka Jogja Hijrah Taat Parentah
Bedil Geus Dipeloran
Granat Geus Disorendang
Ieu Kuring Arek Miang
Jeung Pasukan Siliwangi
Ka Jogja Hijrah Taat Parentah