jump to navigation

Dua Minggu di Bandung April 29, 2006

Posted by adhiawardana in Urang Sunda.
add a comment

teu karasa, kamari nu asalna kagok kahalangan cuti nasional, kuring nepi ka tilu mingguna aya di lembur.
aya pagawean sih, jadi we sakalian dilabaskeun. kakarak kemis kamari kuring balik deui ka cirebon.
lumayan hasil di bandung teh. boh pagawean atawa nu lianna ge asa merenah hate teh.

mimitina aya kulawarga babaturan Lin ti malaysia nu menta bantuan kuring jeung neng geulis urang bandung jang nyiapkeun kabutuhan maranehna nyaba di bandung.

dua minggu kamari loba pisan picaritaeun jang hate si kuring, ngeunaan hirup, ngeunaan budaya jeung ngeunaan ciptaan Nu Maha Kawasa.

tanggal 22 kamari, kuring panineungan sataun mimiti panggih deui jeung nu geulis urang bandung. sarua eta ge, dina milangkala asia-africa conference. baheula mah kuring manggihan manehna basa manehna keur tatan-tatan rek nari jang acara di homann, si kuring keur meunang proyek ti telkom jang masang alat kaamanan jang presiden jeung tamu undangan nu lian. ari kamari mah kuring bareng jeung manehna dibarengan ku pimitohaeun nongton acara pagelaran asia africa art festival, tempatna di taman budaya, dago tea house tea baheula na mah.
acarana lumayan hade, ngan si mc na hungkul nu goreng teh, rada teu mararatut!! komo jang acara internasional jiga kamari.

kuring manglebarkeun pangeusi acara ti bandungna sorangan, nu nampilkeun barudak sendratasik UPI , Krescenda, jeung Samba sunda.
barudak sendratasik UPI mah kasebutkeun alus… cocok pisan jeung pesen nu hayang ditepikeun ku eta acara. nu lain na mah… nya dipapantes kitu we….

nu meunang apresiasi pangalusna ti panongton, kuring ge kaasup didinya, nyaeta delegasi ti afrika selatan. manehna mawakeun kasenian nu diaranan LIMPOPO.
si kuring kataji pisan ku kamonesan maranehna jang ngemas hiji kagiatan tradisi, nu meureun di nagari asalna ge geus rada jarang dipake deui, pikeun jadi hiji performance art nu bener-bener bisa mawa panongton ngilu aub dina kasenian eta. salut.

kasenian nu lian aya ti Sudan jeung ti Kamboja, salian nu dua ti bandung tadi.

di bandung oge si kuring diajar ngenal icon-icon jazz, dikenalkeun ku mang ade sangkan kumaha carana si kuring bisa meunangkeun spirit ngadangukeun sajarah tony bennet, ngabandingkeun jeung michael buble (bener-bener dibaca buble-lain jadi bubel) nu dikarbit ku david foster, jeung rea-rea deui. kuring rek ngamimitian ngulik kana sejarahna, ngarah bisa nerap naon nu ditampilkeun ku pamawn jazz teh.

di bandung ge kuring ngajar adi kabogoh kuring ngaji. melak amalan jang dibekel isuk jaganing geto.

btw.. persib dua kali eleh di kandang sorangan. pikasebeleun! padahal mah geus boga beus anyar nu gambarna maung tungkul tea. asa pikarunyaeun. sugan salasa isukan mah bisa meunang. era.

dongeng minggu katukang April 11, 2006

Posted by adhiawardana in Urang Sunda.
8 comments

tanggal dua april kamari, kuring boga hajat di dago. lain di imah kuring sorangan, tapi di imah pimitohaeun.
jang kuring mah, acara jiga kieu teh kakarak pisan, da kuring can pernah kawin saacanna… jadina rada rariweuh pipikiran.
kulawarga si kuring lolobana awewe, jadi mun aya acara teh biasana jadi tuan rumah wae. cincin2dulur2 kuring ge nu lalaki ngan saeutik, nu hiji kawin jeung urang malayu, nu hiji kawin jeung urang solo, kakarak kuring nu (rek) kawin jeung urang bandung deui.

eh enya, kuring can nyaritakeun eta na. . . jadi si kuring teh wawanianan ngajak dulur salembur, batur sapangulinan ka imah nu geulis urang bandung tea. niatna rek nga-khitbah, sugan we manehna can aya nu neundeun carita ka kolotna.

alhamdulillah… kuring geuning nu mimiti, jeung di tampi kalayan kabingahan 😀

nya keun we sakitu heula caritaan si kuring ayeuna mah, keur loba pagawean yeuh di bandung….. cag.

si kuring April 7, 2006

Posted by adhiawardana in Urang Sunda.
add a comment

 asa geus lila kuring nyeiun tulisan di ieu blog, tapi asanamah can pernah nuliskeun diri sorangan nya.

kuring teh urang bandung aseli. bapa-ibu duanana ti bandung. kuring babar di bandung. kuring leutik ulin di bandung. kuring mimiti sakola di bandung. kuring mimiti bobogohan di bandung. kuring kuliah di bandung. kuring gawe mimiti di bandung. kuring rencanana rek kawin di bandung oge.

tapi dua taun katukang kuring meunang tugas gawe di cirebon.
jadi rada kaseredkeun ka-bandungan si kuring teh 😀

tiket sahabatdua taun kuring bulak-balik bandung-cirebon.
biasana unggal poe jumaah atawa sabtu kuring ka bandung, terus poe minggu sore atawa senen isuk kuring balik deui ka cirebon.

cape sih… komo baheula mah, basa kabogoh kuring nu baheula aya di cirebon keneh, jadina teh hoream ninggalkeun cirebon teh 😀

kabogoh kuring nu ayeuna (piistrieun) urang bandung. kuring jadi sumanget deui bolak-balik teh, da aya nu bisa ditepungan di bandung na 😀
tanggal dua kamari (april 06) kuring nga-khitbah manehna. cincinmudah-mudahan bisa lungsur-langsar nepi ka jadina, Amin.

kuring gawe nguruskeun dagangan barang-barang telekomunikasi. ruanganlumayan lah, rada ayaan jang hirup. meungpeung ngora keneh, dibere keneh sehat ku Gusti, jadi mangpaatkeun jang nu karieu.

niat si kuring mah, umur 30 engke kuring geus boga padumukan nu matuh, boh di cirebon atawa di bandung. doakeun we nya.

Sunda di Wiki April 6, 2006

Posted by adhiawardana in Urang Sunda.
3 comments

Namina ge di wikipedia, saha wae nu nulisna rada kurang jelas… tapi bati lumayan lah….

—————————————————————————————-

Urang Sunda mangrupakeun salah sahiji séké sélér nu ngeusi utamana bagian
kulon pulo Jawa, populasi kadua panglobana di Indonésia. Luyu jeung
sajarahna, urang Sunda lolobana sumebar di lemah caina nu kiwari sacara
administratif sumebar di propinsi Jawa Kulon, Banten, Jawa Tengah, DKI
Jakarta, jeung Lampung kidul. Lian ti éta, program transmigrasi ti Tatar
Sunda ka sababaraha wewengkon di Kalimantan jeung Sulawesi ogé ngahasilkeun
kantong-kantong masarakat Sunda, katambah ku pribadi-pribadi nu sumebar di
sakuliah dunya, nu utamana kadorong ku motif ékonomi.

Basa
Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda dina paguneman sapopoé, ngan ka
dieunakeun, basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku
basa Indonésia salaku basa nasional di Indonésia. Kadéséhna basa Sunda ku
basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal, di antarana kusabab basa
Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana béda basa wewengkon nu kadang
dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta lobana sélér séjén nu datang ka
Tatar Sunda.

Budaya
Numutkeun sajarahna, cenah mah urang Sunda téh boga dasar budaya huma,
sahingga condong ka solitér. Titinggal kaadaban kolot kapanggih di wewengkon
sisi Situ Bandung Purba, Guha Pawon, sarta sababaraha situs arkéologi
mangrupa kabuyutan/pamujaan mégalitik. Di Nusantara/Indonésia, bukti
arkéologis nunjukkeun yén kaadaban tulis pangkolotna téh aya di Tatar Sunda.
Karajaan-karajaan Sunda nu kacatet dina sajarah atawa katalungtik
titinggalna aya sababaraha karajaan, di antarana Salakanagara, Kendan,
Tarumanagara, Sunda, Galuh, Sumedanglarang, Cirebon, jeung Banten.

Ageman
Numutkeun titinggal arkéologis sarta naskah-naskah Sunda kuna nu tos
katalungtik, urang Sunda jaman baheula boga ageman monotéis, nu ka
dieunakeun kapangaruhan/katambah ku ajaran Hindu, Buda, Islam, jeung
Kristen. Ageman pituin urang Sunda (Sunda Wiwitan) bisa kénéh ditempo di
Kanékés, Banten, nu ti jaman baheula ngurung manéh tina kamodérenan. Kiwari,
kalolobaan urang Sunda ngagem Islam.

Upajiwa
Alam Sunda nu taneuhna subur ngarojong ka urang Sunda kana hirup tatanén,
boh dina bentuk sawah, huma, pakebonan sayur, jeung leuweung produksi. Ka
dieunakeun, ku mekarna industri jeung dagang, pakasaban urang Sunda jadi
rupa-rupa sakumaha ilaharna bangsa lian.

Stratifikasi sosial
Urang Sunda mah cenah katelah égalitér, kagambarkeun tina basa nu dipaké ku
gegedén karajaan jeung cacah dina carita-carita tradisional nu teu wanoh
kana undak-usuk atawa tingkatan basa. Kadieunakeun, utamana ti saprak
dijajah Mataram, "kamonésan" Sultan Agung dina nyiptakeun undak-usuk basa
ditiron ku para ménak Sunda, nu hasilna mangrupa jungkrang antara ménak
jeung cacah. Dina jaman dijajah Walanda, dua tingkat sosial ieu kasambung ku
istilah priyayi, golongan pagawé pamaréntahan (birokrat, militér, jeung
guru) nu sabenerna mah lolobana kaasup golongan ménak kénéh. Dina awal abad
ka-20, strata sosial ieu beuki luntur, komo sanggeus jaman kamerdikaan mah.
Najan kitu, nepi ka kiwari, watek féodal téh kadang sok kaciri kénéh aya
dina kahirupan urang Sunda.

Kasenian
Kasenian Sunda anu masih populér di masarakat di antarana wayang golék,
tembang Cianjuran, penca, rupa-rupa ibing (jaipongan, tari merak, jsb.),
calung, degung, angklung, carita pantun, beluk, jsb.

Ngaran
    Artikel utama: Kangaranan Urang Sunda
Urang Sunda mah ilaharna maké ngaran anu basajan, kadang cukup ku sakecap,
bari jeung pondok. Ku ayana pangaruh Islam anu kuat, urang Sunda loba nu
maké ngaran nu nyokot tina 'asma'ul husna' digabung jeung landihan
tradisional. Mun dua kecap, kadang sok maké pola "tolong-menolong" (suku
kecap nu diulang), misalna Cécép Gorbacép, Asép Gumasép, Didin Saépudin,
jsb. Tapi, kitu sotéh ti golongan cacah, sabab pikeun golongan ménak mah
(baheula), biasana mah ngaranna diwangun ku dua kecap, sahingga rada
panjang. Misalna baé Umar Wirahadikusumah, Ginanjar Kartasasmita, Huséin
Jayadiningrat, Huséin Sastranegara, jsb.

KORAN SUNDA April 5, 2006

Posted by adhiawardana in Urang Sunda.
31 comments

Koran Sunda Salasa kamari
alhamdulillah, parantos medal hiji deui kamonesan urang sunda nu mangrupakeun koran sunda.
di ngaranan ‘Harian Koran Sunda’
kuring nampa beja gues lila koran ieu rek aya teh, ngan kakarak kamari poe salasa basa kuring rek digawe ka cirebon, di beus aya nu ngaguar eta koran. bakating ku rajin si akang nu ngical teh meni nerangkeun make basa sunda nu genaheun pisan kadanguna. harga na oge masih promosi, nu kuduna 1500 kamari masih keneh dijual 1000 perak.
eusina mah can pati-pati lumayan acan, maklum koran anyar, warta na ge masih keneh saeutik.
percaya lah, geus maju mah jadi bakalan leuwih alus.

asal ulah paeh ditengah jalan we.. siga nu heubeul.

Cag.