jump to navigation

Sunda di Wiki April 6, 2006

Posted by adhiawardana in Urang Sunda.
trackback

Namina ge di wikipedia, saha wae nu nulisna rada kurang jelas… tapi bati lumayan lah….

—————————————————————————————-

Urang Sunda mangrupakeun salah sahiji séké sélér nu ngeusi utamana bagian
kulon pulo Jawa, populasi kadua panglobana di Indonésia. Luyu jeung
sajarahna, urang Sunda lolobana sumebar di lemah caina nu kiwari sacara
administratif sumebar di propinsi Jawa Kulon, Banten, Jawa Tengah, DKI
Jakarta, jeung Lampung kidul. Lian ti éta, program transmigrasi ti Tatar
Sunda ka sababaraha wewengkon di Kalimantan jeung Sulawesi ogé ngahasilkeun
kantong-kantong masarakat Sunda, katambah ku pribadi-pribadi nu sumebar di
sakuliah dunya, nu utamana kadorong ku motif ékonomi.

Basa
Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda dina paguneman sapopoé, ngan ka
dieunakeun, basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku
basa Indonésia salaku basa nasional di Indonésia. Kadéséhna basa Sunda ku
basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal, di antarana kusabab basa
Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana béda basa wewengkon nu kadang
dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta lobana sélér séjén nu datang ka
Tatar Sunda.

Budaya
Numutkeun sajarahna, cenah mah urang Sunda téh boga dasar budaya huma,
sahingga condong ka solitér. Titinggal kaadaban kolot kapanggih di wewengkon
sisi Situ Bandung Purba, Guha Pawon, sarta sababaraha situs arkéologi
mangrupa kabuyutan/pamujaan mégalitik. Di Nusantara/Indonésia, bukti
arkéologis nunjukkeun yén kaadaban tulis pangkolotna téh aya di Tatar Sunda.
Karajaan-karajaan Sunda nu kacatet dina sajarah atawa katalungtik
titinggalna aya sababaraha karajaan, di antarana Salakanagara, Kendan,
Tarumanagara, Sunda, Galuh, Sumedanglarang, Cirebon, jeung Banten.

Ageman
Numutkeun titinggal arkéologis sarta naskah-naskah Sunda kuna nu tos
katalungtik, urang Sunda jaman baheula boga ageman monotéis, nu ka
dieunakeun kapangaruhan/katambah ku ajaran Hindu, Buda, Islam, jeung
Kristen. Ageman pituin urang Sunda (Sunda Wiwitan) bisa kénéh ditempo di
Kanékés, Banten, nu ti jaman baheula ngurung manéh tina kamodérenan. Kiwari,
kalolobaan urang Sunda ngagem Islam.

Upajiwa
Alam Sunda nu taneuhna subur ngarojong ka urang Sunda kana hirup tatanén,
boh dina bentuk sawah, huma, pakebonan sayur, jeung leuweung produksi. Ka
dieunakeun, ku mekarna industri jeung dagang, pakasaban urang Sunda jadi
rupa-rupa sakumaha ilaharna bangsa lian.

Stratifikasi sosial
Urang Sunda mah cenah katelah égalitér, kagambarkeun tina basa nu dipaké ku
gegedén karajaan jeung cacah dina carita-carita tradisional nu teu wanoh
kana undak-usuk atawa tingkatan basa. Kadieunakeun, utamana ti saprak
dijajah Mataram, "kamonésan" Sultan Agung dina nyiptakeun undak-usuk basa
ditiron ku para ménak Sunda, nu hasilna mangrupa jungkrang antara ménak
jeung cacah. Dina jaman dijajah Walanda, dua tingkat sosial ieu kasambung ku
istilah priyayi, golongan pagawé pamaréntahan (birokrat, militér, jeung
guru) nu sabenerna mah lolobana kaasup golongan ménak kénéh. Dina awal abad
ka-20, strata sosial ieu beuki luntur, komo sanggeus jaman kamerdikaan mah.
Najan kitu, nepi ka kiwari, watek féodal téh kadang sok kaciri kénéh aya
dina kahirupan urang Sunda.

Kasenian
Kasenian Sunda anu masih populér di masarakat di antarana wayang golék,
tembang Cianjuran, penca, rupa-rupa ibing (jaipongan, tari merak, jsb.),
calung, degung, angklung, carita pantun, beluk, jsb.

Ngaran
    Artikel utama: Kangaranan Urang Sunda
Urang Sunda mah ilaharna maké ngaran anu basajan, kadang cukup ku sakecap,
bari jeung pondok. Ku ayana pangaruh Islam anu kuat, urang Sunda loba nu
maké ngaran nu nyokot tina 'asma'ul husna' digabung jeung landihan
tradisional. Mun dua kecap, kadang sok maké pola "tolong-menolong" (suku
kecap nu diulang), misalna Cécép Gorbacép, Asép Gumasép, Didin Saépudin,
jsb. Tapi, kitu sotéh ti golongan cacah, sabab pikeun golongan ménak mah
(baheula), biasana mah ngaranna diwangun ku dua kecap, sahingga rada
panjang. Misalna baé Umar Wirahadikusumah, Ginanjar Kartasasmita, Huséin
Jayadiningrat, Huséin Sastranegara, jsb.

Pairan»

1. sikandar - Juni 8, 2006

Nepangkeun, Kang… Kabeneran kuring salah sahiji kontributor Wikipedia edisi basa Sunda jeung Indonesia, asana teh wajib (heuheu…) ngomentaran kana ieu postingan salira.

Kahijina, ngeunaan nu nulis, tiasa dilacak di jujutan kacana (link/tumbuna aya di jajaran luhur unggal artikel.

Kaduana, ngeunaan mutu artikel. Enya, mun dipigawe kalawan daria mah, mutu artikel teh bisa luhur, komo mun bari jeung nuduhkeun anu jadi rujukanana mah.

Anapon anu katilu, hayu atuh gabung, ngarah Wikipedia edisi basa Sunda beuki euyeub.

2. yuni - Juni 11, 2008

Assalaamu,alaikum. Wr. Wb
Punten abdi peryogi pisan artikel tentang strata sosial suku sunda.

3. gta 5 wallpaper hd for iphone - Oktober 16, 2015

Hey Google and yahoo works great for me however your site is
loading slowly which actually took just about a few minutes
to load, I’m not sure if it is my own issue perhaps site issue.
Anyway, Thank you for creating such type of great articles.
I’m guessing it has been necessary to a lot of people .
I am hoping I’ll be able to get further remarkable
things and I should flatter your site by saying you have carried out awesome work.
I ‘ve got you book marked to look at new stuff you publish.


Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

%d bloggers like this: